Jumat, 16 Desember 2011

Lembur Matuh Banjar Karang Pamidangan (Lalakon Ki Sunda)

Hariring Lain Nu Kuring tapi Anu Maha Wening............
Haleuang Lain Nu Urang tapi Anu Maha Wenang..........






Wewengkon Teu Meunang Ngudud (di Karawang)

Ikhtiar sareng nawaetu Ki Sunda lebet ka jejeran inohong nu sapuk ngamusyawarahkeun yen Karawang kudu boga wewengkon teu meunang ngudud mangga .......urang dukung ku sadayana..............






Rabu, 30 November 2011

Focus Group Discussion (DPD RI, UPI Bandung Sareung Bappeda Karawang)

Buktos deudeuh sareung asih ka lemah cai,  Ki Sunda  aktif dina acara  gempungan  pendidikan sareung  DPD RI  dan UPI Bandung  mudah-mudahan katampi ............

Rabu, 28 September 2011

Mangsa di Cianjur

Hariwanng.......
Ku margi hujan ngaririncik mapag lalampahan nalika dugi ka Cianjur
Tiris
Nyerebung haseup......halimun.......
Nyeceup kana ati nu harita asa lalewang ......
Ngantunkeun Karawang

Selasa, 20 September 2011

Lalakon alam ka tukang (Ngaguar mangsa di Jatinangor)


Lalakon alam ka tukang
Ayeuna ka sorang deui
Hampir rek tamat lalakon
Jati ka silih ku junti......
Harita mangsa Jatinangor kalimpudan ku ibun manglayang
Aya kabagjaan sareng tekad ngangkar darajat kulawarga.....darajat rahayat.....darajat kadang wargi nu aya di Adiarsa....
Sok sananos perih.......aya tatu.....aya baloboran kesang......malah rambay cimata....
Gusti.....
Mangsa alam katukang di Jatinagor......
Kapeurih, katunggara ka nalangsa...
Ayeuna ka tukeur ku kabagjaan.....selang wanci 16 warsih kalangkung

Ngaguar mangsa di Jatinangor
Aya rasa nu ngajorelat...Aya asih nu ngaheunggeu dina dada
Sono ka seungitna taneuh Jatinangor
Sono ka haneutna cihujan nu turun mangsa sore.....
Sono ka gedurna sumangeut....ngahontal cita-cita
Abdi Praja Dharma Satya Nagara Bhakti

Rabu, 14 September 2011

Milangkala Kabupaten Karawang 378


Wilujeng milangkala Kabupaten Karawang ka 378 mugia raharja pamingpina.........raharja masyarakatna........gemah ripah loh jinawi banjar karang pamidangana.....pituin nu tos 38 warsih aya di Karawang ngadugikeun salam baktos ka sadaya dulur salembur...........baraya nu aya di kota ti ngawitan Pakisjaya dugi ka Tegalwaru..............ti kawit Cilamaya dugi ka cikampek kum sadayana.....
Sakali deui wilujeng milangkala..............aya gupay katresna ti Ki Sunda sakulawargi..........Bral milangkala disareungan ku pidu'a rahayat sadayana.....Amin...