Selasa, 20 September 2011

Lalakon alam ka tukang (Ngaguar mangsa di Jatinangor)


Lalakon alam ka tukang
Ayeuna ka sorang deui
Hampir rek tamat lalakon
Jati ka silih ku junti......
Harita mangsa Jatinangor kalimpudan ku ibun manglayang
Aya kabagjaan sareng tekad ngangkar darajat kulawarga.....darajat rahayat.....darajat kadang wargi nu aya di Adiarsa....
Sok sananos perih.......aya tatu.....aya baloboran kesang......malah rambay cimata....
Gusti.....
Mangsa alam katukang di Jatinagor......
Kapeurih, katunggara ka nalangsa...
Ayeuna ka tukeur ku kabagjaan.....selang wanci 16 warsih kalangkung

Ngaguar mangsa di Jatinangor
Aya rasa nu ngajorelat...Aya asih nu ngaheunggeu dina dada
Sono ka seungitna taneuh Jatinangor
Sono ka haneutna cihujan nu turun mangsa sore.....
Sono ka gedurna sumangeut....ngahontal cita-cita
Abdi Praja Dharma Satya Nagara Bhakti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar