Allohumma Robbana Atiina mil ladunka rohmah
Wa hayi' lana min amrina rosada
Nawaetu ngarumat jeung ngamumule budaya sunda silih ajenan jeung sasama bakti ka agama, bangsa jeung nagara
Minggu, 31 Juli 2011
Ka Sobat, Dulur Baraya Sareung Salira.....
Landung panyaur anu maur......
Laer gawe nu teu hade.....
Leupat lengkah nincak salah.....
Asa nalangsa niban raga pinuh ku reregeud dosa
Ayeuna tos nincak sasih Romadhon...
Pamundut nu kapihatur.......
Hapunteun tina samudayaning kaleupatan sareung kaluluputan.......
Yu....urang bageakeun sasih Romadhon kalayan hate nu Suci.........
(Hatur nuhun ka Pangersa Bapak Dadang nu Parantos Masihan Ieu Rumpaka)
Adiarsa, Awal Romadhon 1432 H
Salam baktos ka sadayana........

Alam Semesta Berdzikir sambut Ramadhan (Dkm Al Mushlih menyapa.....)
Matahari berdzikir, angin bertasbih dan pepohonan memuji keagungan-Mu.
Semua menyambut datangnya bulan seribu bulan
Selamat datang Ramadhan....Selamat Beribadah
Mohon maaf lahir dan Bathin.......
Semua menyambut datangnya bulan seribu bulan
Selamat datang Ramadhan....Selamat Beribadah
Mohon maaf lahir dan Bathin.......
Jumat, 29 Juli 2011
Tembang Kameulang (Ka Salira )
Tembang Kameulang
Dalingding Asih Nu Urang
Ngagalindeung tembang
Tilam Kamelang
Ujung Rewah 1432 H
Dalingding Asih Nu Urang
Ngagalindeung tembang
Tilam Kamelang
Ujung Rewah 1432 H
Rabu, 27 Juli 2011
Penerbangan Ramadhan Air 1432 H
Selamat datang di Penerbangan Ramadhan Air dengan nomor penerbangan 1432 H tujuan penerbangan Ridha Alloh dan Surga-Nya. Jarak tempuh ketempat tujuan 3 hari lagi. Untuk keselamatan harap pakai sabuk pengaman anda dengan Puasa, tarawih dan Zakat Fitrah, Tegakkan kursi dengan kekuatan iman, pastikan bebas asap maksiat.Jika cuaca buruk maka perbanyak dzikir & tilawah Qur'an. Atas nama Pilot Islam penerbangan anda kami ucapkan selamat menikmati penerbangan dengan nyaman di Bulan Ramadhan. Mohon maaf lahir dan Bathin. Wassalam......
Ramadhan di Al Mushlih
Nguleum ka sadayana dulur2 baraya sareung jamaah Mesjid Jamie Al Mushlih
Hayu urang Fastabikhul Khoirot..........ibadah sareng amaliah sanasna ku amalan-amalan ramadhan diantawisna
Shalat Subuh Berjamaah
Kuliah Subuh
Ta'zilan
Sholat Isya Berjamaah
Kultum Taraweh...sareng
Tadarus....
Mangga diantos kasumpingannana di Al Mushlih
Sala Baktos
Ki Sunda

Selasa, 26 Juli 2011
Marhaban Yaa Ramadhaan
Assalamu'alaikum Wr.Wb
Sampurasun ki adi.....ki dulur....baraya nu nuju ngambah jomantara kahirupan
Sim Kuring Ki Sunda suwargi...bade ngahaturkeun salam silaturahmi boh bilih aya laku lampah nu teu uni nu karaos ku manah sareung perasaan baraya....nyuhunkeun dihapunteun
Bilih aya nu kabetrik ati.....ka bentar manah....ku laku lampah ki sunda suwargi
Sakali deui....hapunteun ka sadayana
Marhaban Yaa Ramadhaan....mangga urang mumule ieu sasih ku amal-amal sholeh.
Bissmillah......

Kamis, 21 Juli 2011
Misteri Kantong Keresek Hideung
Kantong Canggih
Para pakar disainer kantong di nagara Manaboa ngayakeun gempungan pikeun nyiptakeun hiji produk kantong nu canggih tur serbaguna di antarana: nu bisa dipake balanja, anti air, bisa dipake tiung lamun hujan, tilam diuk lamun darurat, fleksibel teu gagarubang, bisa ditilep disakuan, teu ngerakeun lamun dibawa apel ka kabogoh, teu matak kabita rampog atawa jambret, bisa didaur ulang, trendi tur murah pisan hargana.
Sanggeus adu reyom, debat meunang tujuh poe tujuh peuting ahirna juri mupakat wae hasilna eta kantong teh dingaranan: KANTONG KERESEK HIDEUNG.
M. Arsya/nuhun ah mang

Landong Baeud
Beuki Murah
"Kalender teh beuki dieu beuki murah!"
"Na kumaha kitu?"
"Nya pan baheula mah kalender teh dua rebu tujuh, terus dua rebu... dalapan ayeuna mah geus dua rebu sawelas!"
Ti Cutat dina Mangle Karya ;
Ati Wulandari
Jl. Moh. Ali No.85
Kec. Ciranjang - Cianjur 43282
Nuhun Teh Ati
Nyieun Kalimah
Bu Guru: "Syarif jieun kalimah make kecap edan."
Syarif: "Aden adina Idan tatangga Udin rada edan, da dismekdon ku Si Adun."
Bu Guru: "Ayeuna maneh Aden make kecap syaraf."
Aden: "Syarif ahli sorof, suruf rada syaraf da disirep ku tukang sirop."
Bu Guru: "Aralus."
Nurul Hidayah
Madrasah Aliyah Yaspin
Jl. Pesantren No. 26
Cibolong Kidul Cisaat
Sukabumi - Jawa Barat
43152

Arti ti Ngarana Manusa
Naon ari hartina manusa......
Kadang aya nu nunjuk kana badan.....etamah ragana
Kadang aya nu nunjuk kana pamenteu, kana dada, panangan, pangambung, jeung rea-rea deui anggota badan eta mah bagian tina ragana......
Naon atuh ari hartina manusa....
Nu jauh geura rakeutan....nu deuket geura deheusan....cirina satangtung diri....laku lampah ngandung mangfaat, rahman jeung rohim na gusti......hingga perbawa lampah jadi welas jeung asih, tulung tinulungan, amis budi hade basa, someah hormat kapapada nu ngawujud kana sifat kamanusaan...eta hartina manusa.
Adiarsa, 22 Juli 2011
Salam Baktos

Balik ti Pangumbaraan
Ngapung ngawang-ngawang
Dina hiji sajarah kahirupan
Mulang ka pakarangan babnjar karang pamidangan
Ku rasa nu pinuh ku panghareupan bakal majuna pendidikan di wewengkon Karawang
Dulur............
Nyuhunkeun dukungan sareng pangrojong......mugia pendidikan Karawang kumbuh tur daria

Rabu, 20 Juli 2011
Simpe di Kota Solo
Gusti............
Munajat abdi ka Anjeun....
Dina samudayaning kalepatan hirup....nu tos di randapan
Nyanggakeun sadaya-daya....abdi sumerah ka Anjeun.....Margi Anjeun nu ngagaduhan hak sareng kahoyong bade kamana lalakon lampah hirup Abdi
Gusti..........
Munajat abdi ka Anjeun......
Rumaos hirup pinuh ku rereged dosa sareng khianat ka Anjeun.....
Nyangggakeun tobat Abdi.....dina simpena angin peuting Kota Surakarta
Gusti........
Sumerah pasrah abdi ka anjeun.......
Da hirup sareung hurip abdi aya dina ageuman sareng kaheman Anjeun
Surakarta, 21 Juli 2011

Budaya Ki Sunda
Handap Asor
Nete Taraje
Nincak Hambalan
Landung Kandungan
Laer Aisan
Mipit Amit
Ngala Menta
Malapah Gedang
Nete Taraje
Nincak Hambalan
Landung Kandungan
Laer Aisan
Mipit Amit
Ngala Menta
Malapah Gedang
Senin, 18 Juli 2011
Imah Karuhun
Imah karuhun payus mun ku urang dirumat di hade-hade, ku lantaran tapak lacak kahirupan urang aya diimah eta
Ki Sunda Nanjeurkeun Budaya Sunda Ngarumat jeung Ngamumule Budayana
Bagja urang selaku ki sunda nu hirup kumbuh di wewengkon tatar sunda nu hejo lemoh ku tatangkalan, ricitna manuk jeung gupay angin nu tiis ngahiliwir.
Bahasa nu ngawanohkeun ki Sunda jeung karabatna jadi tali asih nu nyangreudkeun babarayaan jeung duduluran.
Salam Baktos,
Ki Sunda
Bahasa nu ngawanohkeun ki Sunda jeung karabatna jadi tali asih nu nyangreudkeun babarayaan jeung duduluran.
Salam Baktos,
Ki Sunda
Langganan:
Postingan (Atom)