Kamis, 21 Juli 2011

Arti ti Ngarana Manusa

Naon ari hartina manusa......
Kadang aya nu nunjuk kana badan.....etamah ragana
Kadang aya nu nunjuk kana pamenteu, kana dada, panangan, pangambung, jeung rea-rea deui anggota badan eta mah bagian tina ragana......
Naon atuh ari hartina manusa....
Nu jauh geura rakeutan....nu deuket geura deheusan....cirina satangtung diri....laku lampah ngandung mangfaat, rahman jeung rohim na gusti......hingga perbawa lampah jadi welas jeung asih, tulung tinulungan, amis budi hade basa, someah hormat kapapada nu ngawujud kana sifat kamanusaan...eta hartina manusa.

Adiarsa, 22 Juli 2011

Salam Baktos

Ki Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar