Rabu, 20 Juli 2011

Simpe di Kota Solo

Gusti............
Munajat abdi ka Anjeun....
Dina samudayaning kalepatan hirup....nu tos di randapan
Nyanggakeun sadaya-daya....abdi sumerah ka Anjeun.....Margi Anjeun nu ngagaduhan hak sareng kahoyong bade kamana lalakon lampah hirup Abdi

Gusti..........
Munajat abdi ka Anjeun......
Rumaos hirup pinuh ku rereged dosa sareng khianat ka Anjeun.....
Nyangggakeun tobat Abdi.....dina simpena angin peuting Kota Surakarta
Gusti........

Sumerah pasrah abdi ka anjeun.......
Da hirup sareung hurip abdi aya dina ageuman sareng kaheman Anjeun

Surakarta, 21 Juli 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar