Jumat, 02 September 2011

Hate Nu Ratug (Pileuleuyan Ramadhan 1432 H)

Mudah-mudahan amal ibadah tiasa langgeng dugi ka Romadhon taun payun
Mudah-mudahan nafas-nafas dzikir tiasa nyungsi tina ati dugi ka Romadhon taun payun
Mudah-mudahan seungitna Romadhon tiasa nyambuang dina kahirupan dugi ka Romadhon taun payun
Gusti........
Kunaon manah sim kuring ratug..
Nalika dikantun Ramadhan.........
Inggis ku bisi rempan ku sugan
Inggis bilih teu tiasa nohonan amaliah ibadah sapertos ramadhan....
Rempan bilih teu tiasa tepang deui sareng ramadhan taun payun.....
Nyanggakeun sadaya-daya.............rumaos mahluk dhoif sareng fakir......
Tapi Bawiraos tiasa nyuhunkeun.....
Pangjagikeun amalan ibadah sareng yuswa sim kuring dugi ka Ramadhan taun payun........amiin........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar