Selasa, 09 Agustus 2011

Diserenan Layon (Carita Panggugah Rasa)


Diserenan Layon
Ku A. Sundira

Saha atuh nu daek kaanjangan... mayit! Ari peuting ieu, Darmita kudu nungguan mayit di patengahan. Mayit nu maotna henteu ilahar, ngagantung maneh dina dahan caringin.
Mun tea mah nu maotna teh dulurna, atawa kulawargana, sigana moal matak ngadegdeg teuing. Ieu mah apan jelema manjang-munjung, teuing saha, teuing urang mana.
"Matak cek kami ge nyieun imah teh ulah di dieu. Asa rea pisan kajadian!" cek Darmita ka pamajikanana, basa duanana keur dariuk hareupeun hawu. Di luar hujan ngaririncik keneh. Ari di patengahan, kadenge sora tatanggana patinggerendeng.
"Hih, ari geus kumaha atuh. Piraku dipindahkeun onaman!"
"Nyisit kadal poe ieu mah!"
"Keun bae atuh, Kang. Da henteu unggal poe ieu!"
Ti patengahan kadenge aya nu ngageroan.
"Ita,... Ita!" sora Pa Erte.
Darmita nyampeurkeun.
"Kumaha, Pa Erte?"
"Geus rek magrib geuning. Sigana kuring saparakanca rek baralik heula. Engke ka peutingnakeun kuring rek ngutus hansip sina milu kemit di dieu!"
"Ma... Mangga!"
Pa Erte jeung baturna baralik. Haruhujanan.
Di imah tinggal duaan, Darmita jeung pamajikanana. Ret ka nu ngajepat di patengahan. Duanana buru-buru balik deui ka dapur, dariuk dina jojodog hareupeun hawu.
"Ari geus kieu kumaha?" Darmita melong ka Bi Oneh, pamajikanana.
"Nya kumaha deui atuh, piraku rek ngejat onaman. Sasatna urang teh keur katitipan..."
"Katitipan mayit? Najis teuing!"
"His, ari nyarita teh ulah padu engab!" cek  Bi Oneh bari ngareret ka lawang nu ka patengahan.
"Na sia teu keueung, Oneh?"
"Keueung mah atuh puguh, ngan..."
"Ngan naon?"
"Ngan sugan we engke peuting mah rea nu maturan. Mending ka cai heula ayeuna mah, sigana geus waktuna magrib."
***
KANG UNEB nu pangheulana hariweusweus teh. Balik ngarit ti Cisitu hujaneun, ngadon ngiuhan handapeun tangkal caringin. Tadina mah rek muru imah Darmita bae, da geus deukeut, ngan hujan mani ngagentak. Ujug-ujug ngagebret.
Rada lila ngiuhanana teh, da suku ge nepi ka singsireumeun. Basa rek nanggung pisan carangka, make jeung pangangguran tanggah. Ngan henteu kapiuhan wungkul, panon molotot, biwir calawak, nempo nu guwang-gawing dina dahan caringin. Kasima sajongjongan mah. Geus kitu cul tanggungan, berebet lumpat muru ka lembur bari gogorowokan.
Nu pangheula bijil ti imah teh Darmita, bubuhan pangdeukeutna. Ditanya aya naon-naonna, Kang Uneb kalah ka tutunjuk.
"Itu... Itu!" pokna.
Urang lembur barijil ti imah sewang-sewangan. Bari haruhujanan, bring ka handapeun caringin, dipingpin ku Pa Erte. Nu borangan mah teu wani ngadeukeutan, ukur nyerangkeun ti jauhna.
Tadina mah rek ngadagoan pulisi, da aya hansip nu dititah nyusulan ka kacamatan. Tapi lalampahan ka kacamatan teh kacida jauhna, euweuh tutumpakan, kawantu di lembur singkur. Paling nepina teh tengah peuting, kitu ge mun lancar di jalan. Ari layon piraku diantep. Sabada diparentah ku Pa Erte, layon teh diturunkeun. Nu nurunkeunana Mang Ija, kasohor jelema wanian. Mani hese beleke da puguh leueur.
Basa layon geus nepi ka handap, gancang dituruban ku samping kebat.
"Ka manakeun?" cek Mang Ija.
"Saha nu daek ngarawatan?" Pa Erte kalah malik nanya. Euweuh nembalan, sigana kabeh oge wegah ari kudu katitipan mayit mah.
"Kumaha mun urang bawa ka masigit?" aya nu nyelengkeung ti tukang.
"Wah, jauh teuing. Balangsak mawana, sakieu keur hujan teh, jabaning geus reupreupan. Urang simpen di imah Darmita bae ngarah deukeut. Kumaha, Darmita?"
"Ma... Mangga!" walon Darmita semu asa-asa.
Regeyeng layon digotong, dibawa ka imah Darmita. Digolerkeun dina samak di tengah imah. Dituruban samping kebat.
Cek nu nelek-nelek mah, cenah eta teh mayit Sukria, bandar sampeu ti lembur Cipelah. Euweuh nu nyaho naon sababna pangna ujug-ujug aya dina dahan caringin. Nya pikeun ngayakinkeun mah, Pa Erte nitah Mang Ija indit ka Cipelah. Sina ditalungtik enya henteuna. Mun enya Sukria, sakalian bae bejaan kulawargana, rerencepan.
***
GEUS wanci sareureuh kolot. Darmita jeung Bi Oneh tinghariul keneh di dapur. Hujan teuing iraha raatna, da kadenge tingparalak kana kenteng.
"Eta bet ngadon di lembur batur..." Darmita ngaharewos. "Matak naon atuh mun di lemburna, piraku euweuh tatangkalan onaman."
"Enggeus, Kang. Siga nu teu iklas geuning Akang mah!"
"Hih, lain teu iklas. Ari urang rek sare di dapur?"
"Enya we. Di pangkeng mah deukeut teuing ka patengahan."
"Ka mana deuih mangkeluk hansip teh, wayah kieu can embol-embol..."
"Hujan sigana mah."
"Enya, siga nu nyebakeun Pa Erte teh."
"Kira-kira bener kitu urang Cipelah?"
"Kateuing atuh, teu nyidik-nyidik rupana." cek Darmita bari ngasurkeun seuneu. Lumayan tamba tiris teuing.
Maju ka peuting mah hujan teh raat. Tapi hansip euweuh nu datang. Di luar mani rehe combrek. Dalah jangkrik jeung caricangkas nu biasana disada ge, peuting ieu mah siga nu ngarejat ka jauhna.
"Geus peuting pisan sigana, tunduh kami mah..." Darmita merelek heuay.
"Rek sare di dieu wae?"
"Enya, ngampar samak weh,"
"Samak jeung simbutna di pangkeng..."
"Har, naha atuh lain bawa ti tatadi? Jung cokot!" Darmita mani mureleng.
"Hiy, hoream teuing. Ku Akang weh..." walon pamajikanana bari ngareret ka patengahan.
"Kalah ka malik nitah. Hayoh cokot!"
"Akang sieun?"
"Lain sieun kami mah, geus teu kuat tunduh deuleu..."
"Dasar ipis burih!"
Bari jeung mentegeg ku omongan salakina, Bi Oneh neger-neger maneh asup ka patengahan. Angkeuhan teh, nu ngajepat mah moal direret we. Atuh leumpangna nyangigir ngarah panonna ukur nenjo bilik. Teu burung nepi ka pangkeng. Sanggeus nyokot samak jeung simbut, terus kaluar deui bari mundur. Leungeunna gupuy-gapay kana bilik. Basa rek bijil pisan ti patengahan, bet teu ku hanteu, mani panasaran hayang ngareret. Sirahna lalaunan ngalieuk... barang ret... aya keneh!
Mani satengah lumpat muru salakina. Gabrug Darmita dirangkul.
"Ari sia nanaonan?"
"Aya keneh geuning, Kang!"
"Nya heueuh atuh..."
Samak diamparkeun. Duanana terus ngaringkeb teu jauh hawu nu ruhakna ruhay keneh.
***
EUWEUH kajadian nanaon nepi ka isukna teh. Darmita mani asa longsong dumeh geus beurang. Pa Erte jeung nu sejenna mimiti jul-jol. Hansip sanduk-sanduk pedah teu bisa datang, alesanana mah budakna teu ngareunah.
Cek laporan Mang Ija, enya eta teh layon Sukria. Sukria keur diudag-udag ku rentenir, katambah pamajikanana kalah ka nyelewer. Kawasna mah geus poekeun pikir, balik nyiar sampeu ti Pasir Muncang, ngadon gugulayunan dina dahan caringin.
"Matak ge ulah hayang jadi rentenir..." cek Pa Erte.
Layon terus digotong dijajapkeun ka lemburna. Darmita milu nganteurkeun.
"Pa Erte mah nyiksa abdi..." cek Darmita, basa balik ti Cipelah.
"Itung-itung latihan we atuh..." Pa Erte ukur mesem.
Nepi ka imah, Darmita ngadadak asa lugina. Blus ka dapur, leguk nginum, hanaang tayohna, tas leumpang sakitu jauhna. Basa ngojengkang ka tengah imah, rek neundeun kopeah, manehna olohok bari ngajanteng lebah lawang. Panonna gigisik... teu salah tetenjoan, di tengah imah katembong aya nu ngajepat dituruban samping kebat.
Berebet, gajleng ka buruan, terus gogorowokan menta tulung.
Bi Oneh kaluar ti pangkeng bari mengkek piseurieun. Geus kitu nu ngajepat teh diberesan. Anggel tilu nu dituruban ku samping kebat.
"Kudu diwarah..." pokna gegerendengan sorangan.
(Hatur nuhun ka ki Mangle........)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar