Senin, 22 Agustus 2011

Kaluar Ti Reregeud Kahirupan

Nabiyulloh Adam As manawi janten pangajaran kahiji kumaha reureugeud hirup bakal karandapan ku manusa nu aya di alam dunya jeroning ngambah kahirupan. Saprak manteuna di piwarang lungsur ka alam dunya saatos ngalanggar larangan Gusti Nu Maha Suci ku alatan nyakeutan tangkal kholdi......Bejana Anjeuna dilungsurkeun di India garwana nyaeta bunda Hawa dilungsurkeun di Palestina.....Dua reregeud karandapan ku manteuna nyaeta kaicalan garwa nembe nu teuing aya dimana sareng keudah hirup nyorangan di alam nu nembe kaalaman jauh ti kanikmatan batan surga tempat asalna.
Nabiyulloh Yunus As ngarandapan kasusah hirup waktos anjeuna kudu mangbulan-bulan aya di lebet patuangan lauk raksasa........hanyir poek jeung tunggara nyorangan alatan anjeuna ninggalkeun da'wah nu jadi tugas utama kanabian.
Dina dua kisah eta singhoreng kasusah karandapan ku dua faktor nyaeta hiji alatan laku lampah sorangan nu kadua minagkala ujian ti Gusti NU Maha Suci kangge ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan.
Tobat sareung muhasabah teras dilakonan ku dua Nabiyulloh nagliwatan tobat nu soson-soson ngalangkungan langkung lampah nu ngajauhan dosa, dikifarat ku doa Robbana Dzolamna anfusana wa ilam taghfirlana watarhamnna lana ku nana minal khosirin...........Laa Ilaha illa anta subhanaka inikuntu minahdz dzolimin.
Nya kasusah hirup baris datang saseuer manusa nu aya di lam dunya.....teu mandang pangkat jabatan sareng kadudukan.......pon para nabi sareng rasul.....
Mung bentena nabi sareung rasul ditibanan musibah janten alat taqorrub.......tapi manusa umumnya ditibanan musibah malah janten ladang ngajauhan Robb-Na kadituna malah  ka nyalahkeun ka Takdir-Na.
Anapon mangga urang reugeupkeun titirah urang dina mangsa kaluar ti reureugeud hirup
1. Taubat soson-soson
2. Takwa ku ngajalankeun parentah-Na ngajauhan larangan-Na
3. Seueuran istghfar
4. Seueuran shodaqoh
5. Silih tulung tinulungan ka papada dulur nu aya dina kasusahan
6. Seueurkeun ngadoa
7. Tahajud sing soson-soson
8. Dzikir
9. Tawakkal sareung sabar
Mangga sasieureun sabeunyeureun ti Ki Sunda
   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar