Jumat, 05 Agustus 2011

Ngabuburit

Kira wanci taun 80 an Bakan Sananga wewengkon Adiarsa masih mangrupakeun hiji kampung nu lemoh hejo ku tatangkalan, cur cor wahangan caina herang ngageunyas tiis tur seger mun ki sunda jeung pada baturna ngebak, ngabuburit nunggu wanci magrib.
Mangsa eta kacateut terus dina alam fikiran ki sunda moal laas ku jaman kusabab hirup dialam harita estu geunah tur tumaninah sanajan hirup dina kaayaan werit hereut pakeun pungsat bahan, dahar oge mung saaya-aya goreng belut, goreng uyah jeung kulub katopes.
Bakan Sananga 80 an jadi wanci nu tiasa matri jiwa mandiri ki sunda dina raraga nyorang hirup ngambah kahirupan jeung kahuripan ki sunda 38 tahun kahareup
Ngabuburit jadi wanci nu mustari pikeun ki sunda ngalatih jiwa kasobaran dina kaayaan lapar jeung hanaang sanajan pas dina buka mung aya sateguk cai haneut jeung kulub hui atanapi sampeu, tapi eta tuangeun nu jdi sumsum nu jadi balung ki sunda wanci 38 tahun kahareup. Tina kulub hui atanapi sampeu eta jadi sumangeut jeung atikan keur ki sunda ngahontal cita-citana.
Ngabuburit nyutat sajarah kahirupan ki sunda jeung Babakan Sananga Adiarsa. Cag............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar